Laman

Kamis, 31 Januari 2013

Pidato Perpisahan Bahasa Sunda (Paturay Tineung)


Assalamu’alaikum wr. wb.               


              Ibu kapala sakola anu ku sim kuring dipirhormat, bapak ibu guru sareng staf TU anu sami kusimkuring dipihormat, paratamu anu kusimkuring dipihormat, oge teu hilap ka rerencangan anu ku simkuring dipikadeudeuh.                                     
                Puji sinareng sukur kasanggakeun ka Allah Illahi Robbi. Alhamdulillah wasyukurilah, Laillahhailallah, Subhanallah dina danget ieu urang sadaya tiasa riung mungpulung dina raraga nyakseni acara Paturay Tineung, wireh sim kuring saparakanca bade ngantunkeun ieu sakola sabada tamat diajar salami tilu taun.            
            Mungguh ari waktu asa nyeak pisan sajorelat. Asa kamari keneh sim kuring saparakanca munggaran lebet ka ieu sakola, ayeuna tos kedah paturay deui. Sim kuring saparakanca kedah miang deui neraskeun sakola, ngahontal harepan sareng cita-cita.
                Kantenan wae salami tilu taun diajar di ieu sakola, seueur pisan anu bakal janten panineungan. Di dieu, di sakola urang nu genah pikabetaheun, sim kuring saparakanca diajar neangan elmu. Tangtos bae eta sadayana bakal janten panineungan nu moal kahihilapkeun. Elmu pangaweruhna anu didugikeun Bapa kalih Ibu Guru ka sim kuring saparakanca tangtos bakal nyerep dina angen, janten obor nu nyaangan jalan sorangeun. Pamugi elmu nu katampi sing janten mangpaat kanggo abdi saparakanca.
                Saterasna pirang-pirang kasaean Bapa kalih Ibu, sim kuring saparakanca teu tiasa males eta kasaean, mung tiasa ngedalkeun du’a, pamugi rupining elmu sareng katiasa anu parantos dipaparinkeun, kenging ganjaran anu mangtikel-tikel ti Allah SWT Amin
               Teu hilap simkuring bade nyuhunkeun dihapunten ka bapa miwah ibu tina sadaya kalepatan – kalepatan simkuring sareng sadaya rerencangan rumaos seueur kalepetan anu ngajengkelkeun ka ibu miwah bapa, mudah-mudahan bae bapa sareng ibu luntur kalbu wening leah manah tiasa ngahapunten.
                Pamungkas, neda pidua ti sadayana, pamugi sim kuring saparakanca nu lulus taun ieu sing tiasa neraskeun tolabul elmu. Lungsur-langsar teu aya halangan-harungan, nyukcruk elmu di tingkat nu langkung luhur
                Rupina sakitu nu kapihatur. Bilih aya basa nu kirang merenah, kecap nu kirang larap, bilih aya kalimah nu teu raos kana manah, neda hapuntenna

Wabillahi taufik wal hidayah. Wassalu’alaikum wr. wb.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar